Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 19. Amasis putra nu bungsu, jangkung koneng lenggik manis, nu kadalapan welasna, dinasti raja di Mesir, anu geus ngusir panjajah, turunan Hiksos nu bengis.

 20. Raja Amasis nu maju, nyieun hurip nagri Mesir, geus kitu kersa Pangeran, teu lami geus runtuh deui, turunan genep likurna, raja Mesir nu tiguling.

 21. Sabada ngereh sataun, raja Pesambik nu ahir, ku Kambises geus dijorag, nu bengis raja ti Parsi, bulak-balik nu ngajajah, nu ahir jajahan Parsi.

 22. Saterasna nu kahatur, masih keneh soal Mesir, taun patratus patwelas, samemeh Isa Masehi, raja Parsi nu ngajajah, geus indit diusir deui.

 23. Namung taun opat ratus, patpuluh tilu meh ahir, memeh Nabi Isa medal, Parsi geus ngarurug deui, tilu taun tiharita, ku Amasis kenging deui.

 24. Ari raja Nektanibus, nu ngajajah paling ahir lolos ka Etiopia, teu bisaeun males deui, karajaan nu tohaga, kiwari mung kantun nami.

 25. Sajarah geus maju terus, tilem timbul hudang deui, nalika Iskandar akbar, ngajorag nagara Parsi Mesir ge milu dijajah, raja Iskandar nu aktip.

 26. Iskandar keur waktu cunduk, taun tilu ratus leuwih, sareng tilu puluh dua, samemeh Isa Masehi, Iskandar geus ngarajaan, ngaheuyeuk nagara Mesir.

 27. Sanggeus ngajajah sataun, Iskandar aya di Mesir, ngadegkeun Iskandariah, kota gede bandar penting, katelah Aleksandria, palabuan nagri Mesir.

 28. Nalika anjeunna pupus, taun tilu ratus leuwih leuwihna tilu likuran, samemeh Isa Masehi, nu diganti ku Panglima, nu jadi Gubernur Mesir.

169