29. Nelahna eta Gubernur, nelah opsir Petolemi, putra Jendral Lagos tea, nu ngayakeun akademi, Panglima Mesir nu gagah, putra jeung ramana sami.
30. Dina taun tilu ratus, ditambih genep nu ahir samemeh Isa ka dunya, Petolemi ngangkat diri, geus ngumumkeun jadi raja, ngarajaan nagri Mesir.
31. Turunan nu jadi ratu, raja Mesir Petolemi, na taun tilu puluhan, samemeh Isa Masehi, pamungkas nu jadi raja, Kleopatra paling ahir.
32. Kleopatra nu panutup, raja Mesir paling ahir raja nu paling cilaka, anjeunna geus bunuh diri, Margina narah dijajah, dirurug pihak Rumawi.
33. Rahayatna kabeh taluk, nyerahkeun raga jeung pati, Rumawi ganti ngajajah, nu ngereh nagara Mesir, direbut golongan Islam, Mesir ti leungeun Rumawi.
34. Para raja nu kapungkur, nu ngereh nagara Mesir, raja Piraon nelahna, Paraoh anu parenting ngaku jadi Gusti Allah, tur kudu dipuji-puji.
35. Nabi Musa nu diutus, parentah Nu Maha Suci, keur ngageuing maranehna, Piraon sidik geus mungkir, ahirna jadi binasa, aya dina kitab suci.
36. Sakitu anu kahatur, sajarah nagara Mesir, di pandang keur saliwatan, sanggem emutan sim kuring, dianggap parantos cekap, kawantu ngan darma nulis.
Durma
1. Kajadian anu perlu kauninga, lebah talukna Mesir, nurutkeun sajarah, taun genep ratusan, tilu puluh masih leuwih, tambah salapan ngitung taun Masehi.