Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/173

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 12. Ku kituna Panglima Besar ihtiar, marentah Jendral Jubir, kocapkeun geus miang, tentarana tohaga, ka Mesir Jubir meh tepi, jeung Amuru anggang prajurit sami kesit.

 13. Jendral Amru ka Mesir kocap keur datang, jalan ti Wadil Ajis, dina taun Hijrah, ping sapuluh Julhijah, taunna bade ditulis, dalapan welas, itungan ceuk Muslimin.

 14. Harita teh Desember ping dua welas, ceuk itungan Masehi, taunna diserat, taun genep ratusan tambihna ukur saeutik, tilu salapan, kitu anu kapanggih.

 15. Saterasna ceuk sajarah nu katampa, ti Wadial Arisi, pasukan geus gerak, nyokot jalan Parama, kota di sisi basisir, di laut tengah, di dinya mepek jurit.

 16. Parama teh der dikepung meh sabulan, digeyer beurang peuting, Jendral Amru tandang, teuneung ludeung teu ringrang, mingpin nu keur tarung jurit, rebutan jiwa, Parama kapimilik.

 17. Ti Parama ka Mesir tetela pisan, aloran walungan Nil, rata upluk-aplak, hejo ngemploh jukutna, matak narik nu rek jurit, bati kabita, Mesir kudu kajait.

 18. Kacaturkeun pasukan cadangan datang, amprok di Helopolis, prajuritna loba, meh sapuluh rebuan, dipingpin ku Jendral Jubir, jago lapangan, ahli siasat jurit.

 19. Dina taun genep ratus patpuluhan, Masehi bulan Juli, dina taun Hijrah, menyerah bulan Rewah, taunna bade ditulis, salapan welas, geus maju perang deui.

 20. Perang rongkah nyata musuh bebeakan, Islam lawan Rumawi, kuat sama kuat, untungna pangalaman, Amru Jendral brani mati, Mesir kasoran, Gubernur indit ngacir.

 21. Ku nu maca tinangtu meureun kagambar, nu perang beurang peuting, geus hantem-hanteman, bangke mani ngalayah,

172