Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/187

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 29. Geus kitu mah pada muru, ka masjid baralik deui, nulungan nu jadi korban, pahibut ngumbahan getih, Halipah teh kapiuhan, 'kumambang watir lastari.

M a s k u m a m b a n g

 1. Saterasna ceuk sajarah nu didangding, Halipah dicandak, diiring dicandak mulih diparayang ka bumina.

 2. Ngan untungna pangersa Nu Maha Suci, anjeunna teh sadar, teu galideur gindi pikir, tentrem ayem sabiasa.

 3. Abdurahman enggal dihaturan linggih, sina ngagantian, teu lami parantos sumping, prak neraskeun jadi imam.

 4. Bada subuh sarerea jung arindit, nyampeurkeun Halipah, Abdurahman gasik calik, ngadangukeun nu amanat.

 5. Amanatna Abdurahman sangkan nampi, ngaganti anjeunna, jadi Amiril Muminin, kana Kapala Nagara.

 6. Abdurahman pok tumaros lir nu sedih, naha saleresna, sim kuring wajib tumampi, nyumponan kana pangersa.

 7. Ceuk Pangagung kumaha anjeun pribadi, sumangga merdika, Abdurahman lir nu isin, walonna teh kaabotan.

 8. Ceuk Halipah bari katingal lir sedih, upama kitu mah, panghudangkeun heula kuring, reungeukeun ieu amanat.

 9. Rek dipenta ka nu satia ka Nabi, nu mulya Muhammad, Rasulullah yakin nampi, ridoeun ka nu rek jihad.

 10. Sanggeus calik Halipah wawarti deui, nyelukan sahabat, nu seueurna opat jalmi, sagigireun Abdurahman.

 11. Nu kahiji tetela sahabat Ali, nu kadua Usman, anu katiluna Jabir, anu kaopatna Sa'ad.

186