5. Pamadegan bujangga arahli, nu maroyan ti manca na- gara, sabada rajin dikoreh, dipapay tur dicukcruk, nu panggih teh dua perkawis, nu mawa kaunggulan, Islam wuwuh maju, kahiji kabeh musuhna, karajaan Rumawi sinareng Parsi, jerona nyata ruksak.
6. Kaduana prajurit Muslimin, gede pisan napsu kahayangna, kana barang nu araneh, hasilna tina nyerbu, inten jambrut emas sinangling, tina barang rampasan, meh paburu-buru, nu mawa kana sumangat, pikeun tarung barijil di medan bakti, paeh poso berjoang.
7. Katerangan bujangga arahli, naha bener kajadiannana, tur beunang diengke-engke, kapaksa kudu nyukcruk, anu sidik ti asal kawit, ngareret sajarahna, bok ulasan wungkul, bujangga golongan barat, narimana sok inggis sanes nu asli, sumangga urang papay.
8. Pangaruhna karajaan Parsi, kakuatan Rumawi sarua, harita geus leungit kabeh, margina tarung wungkul, peperangan meh saban usik, ngan aneh duanana, bet geus leuwih lembut, leuwih lemah manah Islam, memang kitu saleresna teu mustahil, emutan pamohalan.
9. Lamun leres memang leuwih leutik, leuwih lemah ti tentara Islam, maranehna moal daek, miheulaan ngamusuh, tur nangtangan nya ka Muslimin, sadia mepek balad, ngatur keur ngarurug, tentarana meh ngalaksa, pakarangna jumlahna hen- teu saeutik, cukup pikeun ngalawan.
10. Saleresna sanajan geus leutik, najan lemah mo rek jiga Islam, anu tangtu leuwih gede, cukup lamun rek maju, keur merangan kaom Muslimin, ari hal nu sabenerna, pangna Islam unggul, meunang bantuan ti rayat, jeung Islam mah perangna sabab Ilahi, nurut parentah Allah.
11. Mere bukti alesan nu kumplit, ti nu nulis ti bujangga barat, ieu teh hiji totonden, bujangga nu teu jujur, nyaruakeun