Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/197

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kaom Muslimin, ti jaman purbakala, nu rebuan taun, sareng bangsa maranehna, nu kiwari resep ngajajah nu leutik, imprialis nu jahat.

 12. Maranehna parohoeun deui, yen rampasan dina pepe- rangan, nu kieu sarua bae, ayeuna jeung kapungkur, henteu beda jadi tradisi, biasa nu kasoran, atawa nu taluk, nagara katut eusina, sok dirampas nepi ka beak beresih, gonimah keur nu meunang.

 13. Dina jaman saperti kiwari, dina abad pan dua puluhan, bangsa Barat kejem keneh, nyieun budak nu lembut, ka nu lemah nagri laleutik, karejem boga rasa, anu leuwih maju, pedah boga kakuatan pikeun nindes jeung ngagencet nu laleutik, di mana mun ngalawan.

 14. Mikaresep mikanyaah duit, mikadeudeuh kana dunya- brana, hiji totonden nu hade, tandaning bisa hirup, sarta langgeng moal lastari, padahal sawangsulna, rampog moal wantun, mo wanieun kana korban, sakumaha nu dipilampah Muslimin, nu ku tentara Islam.

 15. Kawanina tentara Muslimin, perjoangan nu mati-matian, cukup keur saksi nu tembong, keur bukti nu ngawujud, yen prajurit Islam beresih, teu mandang harta banda, tulus iklas jujur, dasarna karena Allah, paeh-poso nu yakin seja rek bakti, ngagungkeun ka Islaman.

 16. Nu dikandung nurani Muslimin, anu jadi tekad jeung tujuan, geus aya nu leuwih, jero, rupaning hiji wujud, nu geus mawa leuwih warani, mawa iklas berjoang, tug nepi ka ajur, taya sanes rasa iman, cinta kasih sumerah raga jasmani, ka pengersa Pangeran.

 17. Lamun urang rek rajin ningali, rek malikan sajarah nu hela, tinangtu bisa katembong, pihak Islam jibaku, tekad buleud toh raga pati, waktu perang jembatan, geus rebutan hirup, Jendral Ubaidah tandang, mata gajah nu ngamuk bisa dijugil, anjeunna jadi korban.

196