Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/198

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 18. Nu kadua keur ngepung Madain, Jendral Saad ancrub ka walungan, prajuritna milu kabeh, tarumpak kuda terus, tingarasoy ngojay nyalebrit, tembong lir dina aspal, bareng terus maju, tetela sumanget waja, ger galungan nepi ka poho kaeling, jihad pisabilillah.

 19. Kaduana di Yarmuk keur jurit, Ki Ikrimah putra Abu Jahal, Jendral nu leber wawanen, anjeunna terus ngamuk, dituturkeun kabeh prajurit jiga banteng bayangan, musuhna meh ancur, bubuhan musuhna loba, Ki Ikrimah jihad nepi ka lastari, kasoran saharita.

 20. Saban jurit wanita teu kari, babarengan sareng pamegetna, nu randa ge ngiring bae, putrana nu diasuh, dihatean supaya wani, anjurannana hebat, nolak kana mundur, sanajan ukur satapak, nu dipambrih marentingkeun mati sahid, wapat di medan perang.

 21. Nu jaradi pamupuk rohani, kaimanan gudang kabranian, teuneung ludeung gede hate, teu paureun ku musuh, tur warani ngalawan jurit, mangrupa tameng dada, Islam nu keur nanjung, tungtunan Nabi Muhammad, kaimanan dianggap nu paling penting, nu jadi dasar Islam.

 22. Katiluna keur Halid bin Walid, di Damaskus geus mati-matian, nepi ka poho kapaeh, bentengan anu luhur, ditaekan sakali jadi, prajuritna nurutan, musuhna dikepung, sanagara kabeh nyerah, saurang ge musuhna teu dinyenyeri, sumerah kabeh bebas.

 23. Keur Halipah ningali nu sumping, nu marawa rupaning rampasan, anjeunna sumegruk bae, kalawan nangis ngungun, katingalna lir nu keur sedih, saurna teh nalangsa, mun hirup geus mahmur, lubak-libuk dunya brana, biasana jelema poho ka Gusti, timbul angkara murka.

 24. Sakumaha jaman Kangjeng Nabi, keur Halipah ditulad teu robah, nganggena basajan bae, raksukkannana butut, pinuh

197