tambal taya keur milih, padahal hiji raja, kuduna teu kituk,hurung nangtung siang leumpang, tapi Umar tetebiheun keur ngaginding wungkul pikeun Nagara.
25. Keur prajurit ka Parsi tarepi, keur diutus ka karaton tea, makena basajan kabeh, sapopoena butut, raja Hosru pareng nu nampi, tembong jiga nu heran, atawa nu bingung, basana matak karunya, utusan teh sakitu bujil bet wani, ngadeuheusan ka raja.
26. Katerangan nu di luhur tadi, hiji bukti keur dasar jawaban, ka golongan nu rek goreng, atawa seja hasud, ngawiwirang kaom Muslimin, majar teh Islam jahat, hubbu dunya wungkul, jiwana kapangaruhan, diperbudak ku harta banda jeung duit, geus poho dikaera.
27. umat Islam sanes bidadari, malaikat nu tara taruang, atawa jadi tonggeret, cukup ku angin wungkul, pan ieu mah sarua jalmi, moal narutup mata, sarua mibutuh, harayang hirup sampurna, sakumaha pangeling-ngeling ti Nabi, dunya jalan aherat.
28. Ku kituna Muslimin teu mungkir, teu narolak ka dunya brana, kurnia ti Gusti Allah, ngamulya keun Nu Agung, ngajalankeun parentah Gusti, pibekeleun ibadah, babakti sumujud, sanes numpuk kabeungharan, nu ahirna matak musingkeun pribadi, ieu mah sabalikna.
29. Sikep Islam tebih hiri dengki, kepang-kepung ngarebut jajahan, sabalikna sabar soleh, sanajan geus dirurug, paling untung ngabela diri, ngayakeun perlawanan, kapaksa maraju, mun musuh teras ngajorag, di dinya mah Muslimin henteu caricing, teuneung ludeung berjoang.
30. Kikituan geus nurutan Nabi, sunatullah nu jadi Rasulna contona bukti bareto, jaman Nabi keur lungguh, mindeng pisan manggih prihatin, dikaniaya lawan, mani saban waktu, geus nista maja utama, ahirna mah anjeunna ngabela diri, sanajan henteu perang.