Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/202

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 13. Nu maca tangtu tingali, yen Amru teh hiji Jendral, hiji pangkat nu kasohor, nu nalukeun Mesir tea, putrana geus disiksa, calutak wani ngagebug, ka Nasrani Mesir pisan.

 14. Panglima Halid bin Walid, kaasup gagah pertengtang, koncara paling kasohor, ku Umar kungsi dipecat, ku sabab palanggaran, saurang taya nu wantun, nolak parentah Anjeunna.

 15. Jaballah hiji pamingpin, raja ti nagara Gasan, kajadian hiji waktos, di Kabah meujeuhna tawap, sampeannana katincak, ku golongan rayat umum, Jaballah jebot neunggeulan.

 16. Nu diteunggeul gidig indit, ka Halipah pok laporan, Jaballah wirang nu gede, ku Halipah geus disiksa, kudu nampa balesan, sarua kudu di gebug, sanajan nu jadi raja.

 17. Ceuk Jaballah lir nu bengis, pan sim kuring hiji raja, manehna mah rayat bae, piraku kudu ngalawan, jawab Halipah Umar, sanajan nu jadi ratu, Muslimin kabeh dulurna.

 18. Jaballah kapaksa nampi, ngan harita apel heula, malesna isukan bae, carek nu dikaniaya mangga teu kaabotan, wengina, Jaballah kabur, nyampeurkeun kaom Nasara.

 19. Istilah kaom Muslimin, isukna Halipah Umar dipikainggis ku kabeh, nu araya di Madinah, parat nepi ka Mekah, ku pedangna henteu paur, leuwih sieun ku iteukna.

 20. Mikaasih kanu leutik, mikanyaah kanu lemah sakolong langit ge hese, nu sami sareng anjeunna, tembong nyaahannana, mun ayeuna meureun ratu, tapi taya nu nyamian.

 21. Hiji wengi geus nguriling, lamun ayeuna ngaronda, di kota Madinah keneh, anjeunna ningal wanita, diriung ku anakna, raong ceurik menta nyatu jigana geus kalaparan.

 22. Anjeunna teh gidig mulih, sup asup ka baetal mal, milih gandum karung gede, pok miwarang ka sahabat, sina man-

201