Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/203

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tuan mundak, ku Umar terus dipanggul, nyebat nuhun teras angkat.

 23. Sahabat nyanggem tur seuri, sanggemna seja mantuan, saur Umar nuhun bae, ngahaja Anjeunna pisan, margina di aherat, dosa mo aya nu nanggung sumawonna ngagantian.

 24. Kocap Halipah geus dugi, ka imah nyi randa tea, budakna careurik keneh, prak anjeunna teras masak, ngulah- ngoleh gandumna, barudak terus ngariung, Halipah nu ngaba- gina.

 25. Anjeunna bungangang ati, ningali budak dalahar, sadudulur mani recok, trangtrengtrong sora sendokna, indungna ge nurutan, geus kitu Halipah mundur, angkat mulih ka bumina.

 26. Hiji dinten aya deui, anu nangis jejeritan, Halipah jiga nu kaget, mariksakeun ka nu liwat, singhoreng nu rek babar, anjeunna buburu wangsul ngawartosan ka garwana.

 27. Anjeunna teras wawarti, pok miwarang ka garwana, sangkan nempo nu rek ngowo, tulungan anu rek babar, garwana teras-angkat, nu babar untung katulung, katingal bungaheun pisan.

 28. Hiji wanci aya deui, kajadian istimewa, di pandang nu rada aneh, Halipah katatamuan, ku Bilal jeung beulian, nu merdika hirup maju, ngadeuheusan ka anjeunna.

 29. Teu lami sarumping deui, Abu Sopyan jeung rencangna, ditambah bangsawan Kures, panganggona hurung-herang, malum dangdanan raja, ieu aing menak luhur, calikna ge panghareupna.

 30. Dugaan anu garinding, arek ditampa ti heula singhoreng nyata meleset, Halipah mah sabalikna, nampa beulian heula, saurna anu ti payun ngagemna agama Islam.

 31. Halipah sering prihatin, tetela basajan pisan, tambalan

202