Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/204

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dianggo bae, teu mewah jiga nu lian, henteu nurutan raja, gandang-ginding hurung nangtung, Umar mah cukup tambalan,

  1. Katuangan oge sami, saayana nu kapendak, Anjeunna mah sering kentel, teu rewog jiga nu lian, tuang teh sadaekna, sakapeung mindeng muluntu, kapaksa teras puasa.
  2. Kajadian hiji wanci, Anjeunna henteu kaluar, tatamu nepi ka jul-jol, hiji ge teu diladenan, sabab nuju nyeseuhan, tamu kapaksa warangsul, bari nyarebat karunya.
  3. Sanajan jadi pamingpin, jadi Kapala Nagara kiwari meureun Presiden, Anjeunna tetep basajan, teu robah jeung baheula, keur hirup bareng jeung Rasul, henteu aya kagaduhan.
  4. Mana Amiril Muminin, ceuk jelema anyar datang, hiji tamu nu nembe jol, ka masjid agung nepangan, padahal Umar aya, pedah panganggona butut, teu gandang saperti raja.
  5. Sakitu anu kawarti, riwayat Halipah Umar, jeung sahabat nu saroleh, nu geus nyalametkeun Islam, dugi ka jalembar, neraskeun tujuan Rasul nu mulya Nabi Muhammad.

— O —

203