Ieu kaca geus divalidasi
XVI. USMAN DILAHIRKEUN
Dangdanggula
- Bismillahi nu awit digurit, asma Allah diserat munggaran, rek nyambung deui lalakon, neraskeun nu kapungkur, nu parantos salse digurit, sarajahna sahabat, nu kamashur manggung, riwayat Halipah Umar, nu tos ngantun kumargi sidik lastari, Usman nu ngagantian.
- Samemehna sim kuring mimiti, rek neraskeun perjalanan Usman, nu jadi jejer lalakon, nu dihanca ti payun, riwayatna heula digurit, sangkan undak usukna, marele diatur, ambéh teu parungga-rungga, ku nu maca sina babari kaharti, sumangga tingalian.
- Ceuk sajarah nu nuju digurit, sayid Usman nu nelah bin Apan, turunan ti Kures keneh, golongan jalma luhur, menak Mekah anu sarugih, rundayan ti Umayah, kamashur jaregud, masih pencaran Abul Ash, sayid Usman ka anjeunna tacan tebih, nembe perenah eyang.
- Mun dijujut nu rajin taliti, sayid Usman jeung Nabi Muhammad, masih sarundayan keneh, tetela can pajauh, tapi henteu ngaran saaki, komo lamun sarama, ngan ukur sabuyut, sumangga geura bandungan, ku sim kuring di handap bade ditulis, tina rundayannana.
- Anjeunna teh putra nu kahiji, nu cikalna putra ti Ki Apan, ti Apan ge naek keneh, rek dijujut ka luhur, dijentrekeun leuwih taliti, Apan putra Abul Ash, nu kamashur jegud, Abul As putra Umayah, Umayah teh putra Abu Sam kahiji, Abu Sam putra Nopal.
- Abu Nopal putra Abu Hasim, ti Hasim teh prak turun ka handap, maksudna sangkan marele, nepi kanu dituju, sina
204