Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/206

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    dugi ka Kangjeng Nabi, Hasim kagungan putra, putrana kamashur, anu ngatur kota Mekah, katelahna keur anom Abdul Mutolib eyang Nabi Muhammad.
  1. Sayid Usman sareng Kangjeng Nabi, masing-masing nembe pat turunan, kaetang padeukeut keneh sidik masih sa buyut, ramana ge tacan patebih, nembean putra misan, mindo can pajauh, Abdullah sinareng Apan, dulur mindo sidik bukti can petebih, tetela sarundayan.
  2. Keur lahirna teu kantos ditulis, teu kapendak katerangannana, nu aya ngan singket bae, nu nulis oge bingung, rampa rimpi ihtiar deui, weleh teu beubeunangan, teu acan katimu, nu aya ukur bandingan, yen Usman teh ngoraan ti Kangjeng Nabi beda lima taunan.
  3. Salirana cenah jangkung leuti, ngalangoyang resep kana midang, ahli dangdan resep make, gandang meakeun batur, geuskamalum putra nu sugih, janggotna dipiara, gomplok rintik mulis, kumis baplang mawa gandang, sieup sari matak asih nu ningali, tandang roman pertentang.
  4. Keur kasep teh hatena beresih, tur akuan katambah berehan, leah manah tawis soleh, someah katatamu, taya basa sok pilihkasih, Usman nyata nyaahan, resepeun tutulung, kacapangan sarerea, yen Anjeunna keur sugih beresih ati, pikeun panyaluhan.
  5. Anjeunna teh kaasup ngartinis, ti golongan para menak Mekah, nu kawentar hade hate, kaitung nu ti payun, percayaeun ka Kangjeng Nabi, kalayan asup Islam, jeung teu ragu-ragu, diajak ku Abu Bakar, hal ieu teh keur Usman mah soal penting, ngaeumpeurkeun sa Mekah.
  6. Ku nu maca tinangtu kaharti, yen Usman teh ngaeumpeurkeun Mekah, pangpangna pikeu di Kures harita nuju hurung, anu sengit benci miijid, nelah Bani Umaya, kabeh musuh Rasul, mung kantun Usman sorangan, nu ahirna disusul ku ngaran Jubir wungkul ukur duaan.
205