Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/207

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Harita mah ku matak prihatin, matak melang ka Jungjunan urang, dimusuh ku urang Kures, wungkul ku matak paur, margi Islam masih saeutik, nembean pupuluhan, tacan loba batur, nu matak di Mekah seah, ku jadina Usman golongan Muslimin, keur Kures rugi pisan.
  2. Ku kituna jadi timbal balik, keur Muhammad Nabi anu mulya, ku Anjeunna dipisono, dipiasih diugung, nu ahirna disina kawin, sina nikah putrana putrina nu lucu, katelah Siti Rokayah, sa Mekah mah nu paling lucu tur manis, dipihukum ku Usman.
  3. Hanjakalna teu lami lastari, mulang mulih nya ka Rohmatullah, pangbalikan jempe rehe, sadayana nu kantun, ngiring sedih ka Kangjeng Nabi, tawis bela sungkawa, ka nu jadi Rasul, nya kitu deui ka Usman, sahenteuna nu dikantunkeun ku istri tangtu ngungun nu aya.
  4. Kangjeng Nabi anu wening galih, nu toweska sarta wijaksana, luntur galih jembar hate, bisa ngelus nu ngungun, tur ngubaran nu gering pikir, Usman dihaturkan, teu lami geus cunduk, maksudna disina nikah, ka putrina nomor dua ti nu geulis, Umu Kalsum nelahna.
  5. Nu keur sedih nandangan prihatin, nu nalangsa nandangan baragta, anu dikantun ku bojo, istri na anu pupus, nu harita disina kawin, tur masih kaparawan, deudeuh Umu Kalsum, wayahna turun ka ranjang, kajeun teuing najan ka nu jadi rayi, sapuk sareng ramana.
  6. Kabungahan panganten lalaki, langkung gede tibatan garwana, tinangtu meureun kahartos, Rokayah sareng Kalsum, duanana putri maranis, mojang aralhi midang, matak uruy kalbu, sumoreang mamanahan, sayid Usman gede bagja alus milik, meunang dua parawan.
206