Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/208

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Umi Kalsum jiga anu isin, lir lingsemeun ku urut lanceukna, bubuhan putri nu soleh, sarta nurut ka sepuh, ahirna mah sidik tumampi, nampa kadar Pangeran, najan teu saumur, henteu weleh diladenan, siang wengi ka cai jadi saleuwi, ka darat geus salogak.
  2. Ku ayana akad jatukkrami, Umi Kalsum sareng Sayid Usman, nu lenjang sareng nu kasep, Nabi ngucapkeun sukur, tur pok muji ka Maha Suci, jeung maparin anugrah, ka Usman jeung Kalsum, masihan lambang jenengan, keur pepeling sipat lambang dzunnurain, Umi Kalsum jeung Usman.
  3. Ku nu nulis teu kudu didangding, henteu kedah dipandang disawang, percanten tangtos kahartos, anu nembe ngadahup, nu can lami mentas ti naib, Usman ge kitu pisan, sareng Umi Kalsum nu aya suka jeung bungah, rerendengan siang wengi teu patebih, henteu pisan kaluar.
  4. Anu kasep sareng nu geulis, lungsur-langsar mendak kajembaran, repokna ninggang di hade bubuhan Kangjeng Rasul, Anjeunna mah sidik tingali, terangeun ka payunna, keur milih minantu, Usman kaasup pejoang, iklas manah ngiring sareng Kangjeng Nabi, teu eureun propaganda.
  5. Sanes bae sok rajin mepeling, nu laganca nyiarkeun agama, Usman mah jeung korban ongkoh, artos ratusan rebu, harta banda henteu saeutik, keur modal perjoangan, nulungan nu butuh, ngojayan budak beulian, babarengan jeung Abu Bakar nu sugih, sami taya etangan.
  6. Perjoangan sanggeusna hareurin, paribasa ngalengkah ge susah, tekenan ti kaom Kures, dawuhan Kangjeng Rasul, umat Islam supaya ngungsi, Usman nu kedah tandang, anjeunna nu nungtun, bral angkat ka Absinia, anu ngiring Muslimin, henteu saeutik, wakilna Abu Japar.
  7. Kitu deui parentah ti Nabi, keur nu ngungsi pikeun nu kadua, di Habsi tembong geus rame, Usman supaya wangsul,
207