Ieu kaca geus divalidasi
- Nurutkeun galur sajarah, harita taun Masehi taun genep ratus liwat, patpuluh opat panambih, taun Hijrah kawarti, harita teh tilu likur, ieu pikeun catetan, supaya gampil kaharti, rek dipapay mun bisa dugi ka tamat.
- Sapanjang Usman marentah, nu waktuna henteu lami, wewengkon Islam nambahan, ngulon ngetan sidik nambih, nambihna teu saeutik, nepi ka walungan Indus, meh nepi ka India, ngulonna ngaliwat Mesir, ti Damaskus ka kulon teras nambahan.
- Anjeunna nu paling takwa, kaduaana paling rajin, ibadah na getol pisan, sing wengi sering muji, nu satuhu ka Nabi, piwuruk kabeh digugu, teu aya nu dipungpang, nepi ka urusan leutik, cocog pisan jeung watekna nu satia.
- Kaduana keur padoman, pikeun ngurus ngolah nagri, amanat para sahabat, Abu Bakar nu kahiji, ti Umar kitu deui, ku Usman dipikabutuh, ku rayat ditarima, komo ku pagawe negri, bijaksana teu matak beurat bawahan.
- Amanat Halipah Umar, nalika bade lastari, ka singsaha nu diangkat, atawa anu kapilih, anu rek jadi Amir, Halipah anu rek manggung, saurna ulah hilap, sing nyaah ka nu laeutik, sadayana ulah rek dibeda beda.
- Dijaga dimana-mana, tur dipingpin beurang peuting, nu mangrupa hak golongan, sakur nu hirup kumelip, nu kawengku ku nagri, kaasup rahayat umum, kabeh warga nagara, Nagara Islam nu mingpin, sadayana diraksa pangabutuhna.
- Tahapan anu utama nu kahiji muhajirin, ansarullah nu kadua, katilu kaum Badewi, kaopat nu ngarungsi, ka luar negri jarauh, kalima kaum Jimmah, nya eta kaum Nasrani, jeung Yahudi Majusi nu saratia.
- Sim kuring aya pamenta, paneda nu paling ahir, di mana
211