Ieu kaca geus divalidasi
- eta Halipah, ku rakyat anu kapilih, menta sakali,deui, nu satia iklas jujur, ngarti kana tugasna, hatena suci beresih, tanggung jawab ka Allah sareng Rasulna.
- Komo kana perjangjian, nu dijieun jeung Nasrani, jeung Yahudi ge sarua, nya kitu deui Majusi kudu sing ati-ati, diraksa kudu diurus, kedah ditangtayungan, tina perkara nu penting, nu dipambrih supaya tetep satia.
- Jauhkeun tina musuhna, nu dipandang matak rugi, tur omat kedah dijaga, ulah rek disisi kudi, komo rek dinyenyeri, dipaksa kudu tarunduk, kana hal nu bareurat, nu matak Jimmi mariris, akibatna mun kitu matak ngalawan.
- Amanat Halipah Umar, nu di luhur geus ditulis, ka Usman meh nyerep pisan, saurna terus kakuping, ngabeang dina cepil, teu daekeun ngantun jauh, ngucap Alhamdulillah, salamina moal lali, keur tuladen salila jadi Halipah.
- Sanggeus kiat kayakinan, manahna parantos gilig, tekad pageuh rek berjoang, nurutkeun amanat tadi, nasehat nu parenting, ti Halipah nu tos ngantun, soal pamarentahan, Halipah Usman ngadidig, jung nyampeurkeun ka tempat jelema rea.
- Sakabeh alat nagara, ti Tentara rawuh sipil sareng Dewan Pertimbangan, ti Senat oge sarumping, rempak mani ngabaris, payuneun rahayat umum, rupa rupa golongan, Nasrani Yahudi hadir, Majusi ge harita nyata daratang.
- Jumlahna mani ngalaksa, tetela meh heurin usik, kolot budak tur wanita, narangtung pagingling gisik, ngajegel jadi hiji, nu ngomong saheng ngaguruh, bawaning ku hareudang, saurang taya nu cicing, tingkariplik awakna diharihidan.
- Nu jaga meh kawalahan, kiwari meureun pulisi, nu ngalatur kaamanan, saban jurutintaringting, caket mimbar ngabaris, alat nagara nu ngatur, ngantos Halipah datang, diiring para pamingpin, dina mimbar Halipah Pok Wawancara.
212