Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/217

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    rahayat supaya soleh, hirup kumbuh babarengan, henteu pakia-kia, aman tentrem hirup rukun, dijero Nagara Islam.
  1. Sakitu anu kawarti, harepan maksud tujuan, nu jadi bahan pidato, rancana Halipah Usman, natrat dina sajarah, anu kahatur di luhur, sumangga geura lenyepan.
  2. Sabada di jero tartib, rahayat sanggeus arinsap, aman tengtrem beres roes, Halipah teras ka luar, nguruskeun patalukan, sakabeh Jendral di celuk, diayakeun musawarah.
  3. Parenta anu kahiji, ngaraksa ka sadayana, nu deukeut sinareng jolok, sangkan teu aya karaman subpersip mun ayeuna, parusuh nu ngawut-ngawut, nu bakal mawa bancana.
  4. Rahayat kudu dididik, tur dibere panerangan kahade ulah rek poho, kahiji soal agama, kaduana nagara, sangkan tertib hirup rukun, di jero Nagara Islam.
  5. Mihape golongan leutik, nu tacan arasup Islam, sanajan kumaha oge, maranehna tetep rayat, bogaeun rarasaan, Nasrani Yahudi kitu, Majusi jeung sabangsana.
  6. Sakumaha ceuk sim kuring, basa keur pidato tea, nu kasebut tadi kabeh, geus nyarieun perjangjian, kahade sing iyatna, mihape ulah di singkur, sok paur malik ngalawan.
  7. Kaduana ulah lali, nalika Halipah Umar, wewengkon Islam geus gede, ayeuna kedah nambahan, mun bisa sadayana, sakur raja nu can taluk, tong lila kudu geus beunang.
  8. Kahiji nagara Parsi, nepi ka Hawarismia, dina waktu singget bae, geus aya di leungeun Islam, sing nepi ka walungan, cai nu katelah Oksus, wewengkon Turkimenia.
  9. Musawarah sanggeus tartib, rapat dines rahasiah, panglima marulih kapeh, mulang ka tempat-tempatna, nu aya di daerah, ngulon ngaler ngetan ngidul unggal madhab kaeusian.
216