Ieu kaca geus divalidasi
- Tentara Islam ti Parsi, ngajorag ka beulah wetan, mokaha gariat kabeh, perangna terus-terusan, salamina mareunang, geus nyerep ka wetan kidul, nepi ka wates India.
- Nu di Mesir oge sami, tentara ngulon geus anggang, nu dipaju sisi kaler, nelah Aprika Utara, siang wengi dijorag, musuhna meh kabeh taluk, sabagian lalumpatan.
- Beuki ngulon beuki tebih, geus deukeut ka laut tengah, nu ngajorag teras bae, musuhna geus lalumpatan, pohara jarauhna, geus nepi ka sisi laut, ka samudra Atlantika.
- Angkatan laut Muslimin, nu ngajaga palabuan, nu lengkep kalawan gede, di laut Mesir-Seria, teras-terasan gerak, der ngarebut pulo Siprus, musuhna tetela nyerah.
- Pulo Siprus kapimilik, di jieun Markas Tentara, Pasukan nu paling gede, di laut Mesir Siria, nu loba prajuritna, persiapan keur nyerebu, kantun ngantosan waktuna.
- Wewengkon kaler geus genting, diancam tentara Islam, teka-teki ngantos waktos, kamando Panglima Besar, ti Kapala Nagara, sakitu anu kahatur, mungkur heula ka nu anggang.
— O —
NYAMBUNG.-
217