Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

4. Geus kitu kersa Nu Agung, Pangeran Nu Maha Suci, Kangjeng Nabi kocap wapat, mulih ka pangkuan Gusti, geus mulang ka Rahmatullah, sampurna di alam goib.

5. Teu damangna dua mingeu, wartosna kirang saeutik, keur subuh samemeh wapat ngersakeun angkat ka masjid, harita masih ngimaman, magribna kocap lastari.

6. Aya wartos Nabi pupus, wapatna teh enjing-enjing, rahayat kota Madinah, kageteun leuwih ti misti, teu aya hiji jelema, percaya Nabi lastari.

7. Majar teh nalika subuh, Anjeunna masih ka masjid, malah angger jadi imam, biasa kuma Sasari, ayeuna beja geus wapat, dianggap aneh ajaib,

8. Sabagian rayat umum, malikirna beda deui, nyang kana Nabi Muhammad, kalebet suci beresih, percaya moal rek wapat, atawa kudu lastari.

9. Umar oge sami kitu, nganggap Nabi teu lastari, mesat pedang der sosoak, sing saha nu nyobi-nyobi, nyebutkeun Muham- mad wapat, ku anjeunna rek dipencit.

10. Kocapkeun sabada subuh, samemeh Nabi lastari, ti bumi Nabi geus mulang, dibarengan jeung permisi ka Kanjeng Nabi Muhammad, Abu Bakar gidig indit.

11. Nu mawi anjeunna undur, katingal Nabi geus robih, sareatna geus meueusan, dipandang teu abot teuing, rupinamah ngabeungeutan, bukti teu lami lastari,

12. Kocapkeun jebul nu nyusul, mopoyankeun Kangjeng Nabi, majar teh parantos wapat, Abu Bakar kencling indit, di jalana teu dikaran » Kkocapkeun parantos dugi.

13. Nalika anjeuna cunduk, teras nyarande ka masjid, murengkeun Umar nyarita, geus kitumah teras indit, nyampeurkeun Siti Aisah, ningali layon nu cusi.

34