Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

14. Kangjeng Nabi geus dirurub, ditutup ku lawon putih, pameunteuna prak ditingal, Abu Bakar nyegruk nangis, taarna digalentoran, geus kitu ditutup deui.

15. Abu Bakar terus turun, jeung kaluar bijil deui, nyampeurkeun jelema loba, nyarios bari jeung nangis, maksudna ngupahan Umar, yen Nabi leres lastari.

16. Tapi Umar bendu terus, Abu Bakar teu dihiding, malah tambah amarahna, teu nolih kanu keur nangis, Abu Bakar gancang tandang, nyarios nu rada tarik.

17, Saurna sakabeh dulur, mun aranjeun nyembah Nabi, Muhammad parantos wapat, tapi mun nyarembah Gusti, Gusti Allah moal wapat, sumawona kudu leungit.

.18. Naaranjeun. geus parikun, poho ka Nu Maha Suci, Gusti Allah geus nguninga, Muhammad saukur Nabi, henteu beda jeung nu lian, keuna ku dihin pinasti.

19. Kapungkur geus seueur Rasul, sadayana gelastari, naha mun Muhammad. wapat. atawa mun dipateni, naha bade luncat mulang, balik deui kana jahil.

20. Sadayana lir nu bingung, ngadedempes cicing jempling, jigana meureun kagagas, dikantun ku Kanjeng Nabi, pamingpin umat nu sabar, tuturkeuneun nu laleutik.

21. Keur kitu aya nu cunduk, mawa beja anu penting, golongan asal Madinah, ansarullah baradami keur gentos Nabi Muhammad, nu dipilih urang Yasrib.

22. Abu Bakar mireng kitu, molotot jeung muril kumis, saurna bakal bahaya, rusuh batin mo ngahiji, tungtungna awut-awutan, umat Islam pasti rugi.

23. Gura-giru terus undur, anjeunna ngagidig indit, disarengan ku duaan, sahabatna nu parenting, Umar sareng Ubaidah, teu lami kocap tarepi.

35