10. Jakat pitrah upeti kabeh diurus, alat Nagara pasagi, geus nyonto ka kangjeng Rosul, rahayat kabeh sareuri, bawaning ngarasa atoh.
11. Atohna mah Halipah teh bener jujur, jangjina kabeh dieusi, nu jarahat geus dikepung, nu laleutik geus dibingbing, teu beda jeung Rasulullah.
12. Sanggeus kota beres disusun diatur, Abu Bakar terus ngirim, pasukan nu baris ngepung, nu ngararaku jadi Nabi, harianat gede bohong.
13. Kitu deui amanat nu jadi Rasul, pikeun ngirimkeun prajurit, pasukan kuat tur cukup, nu ku Nabi geus dilantik, dipaksakeun kudu mios.
14. Jaman Nabi harita kungsi diatur, pasukan anu pasagi, nu kaasup regu tempur, Usamah nelah bin Zaid harita anu ngumando.
15. Usamah teh yuswa dua puluh taun, putrana Zaed bin Haris, opsir ngora cukup wantun, di Muto brek perang tanding, parentah ti Rasulullah.
16. Nu maksudna pikeun pembelaan umum, margina pikeun Muslimin, di Mekah keur jaman Rasul, ku musuh geus ‘manggih nyeri, tetela seueur nu maot.
17. Harita teh Usamah teu kungsi terus, kabujeng Nabi lastari, rancana pikeun nyerebu, kapaksa dirobih deui, ayeuna kakara tembong.
18. Abu Bakar Panglima besar nu jujur, ngimankeun amanat Nabi, pasukan lengkep disusun, dipariksa hiji-hiji, rek ngajorag ka nu adoh,
19. Ceuk Usamah komendan anu rek maju, wakilna ngiatan