Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sami, yen nu jauh tong diemut, Madinah nu leuwih penting, nu mulya mugi teu bongoh.

20. Kaduana anjeuna teh terus usul. pasuken mun kudu tebih, komo ka Sam nu kamashur, pingpinan supaya ganti, nu kolot sarta nu tanggoh.

21. Umar mireng usulan Usamah kitu, rupina meureun kaharti, Usamah can cukup umur, mun langsing nu mingpin junc, keur tanggung jawabna abot.

22. Geus kitu mah Umar nu nepikeun usul, ru nepikeun ka pamingpin, yen Usamah menta mundur, moal langsung mingpin jurit, mun rek jurit kanu adoh.

23. Abu Bakar pok ngawaion teu satuju, Madinah sanajan genting, badak galak maung ngamuk, pacuan tong jadi pikir, pasukan ulah teu mios.

24. Saha bae nu datang niat rek ngamuk, tinangtu diburak-barik, sanajan teu rea batur, sanggup korban mati sahid, rek jihad pisabililah.

25. Henteu wani ngalanggar parentah Rasul, yen Usamah kudu ganti, margina angkatan Rasul, kudu terus mingpin jurit, ka nagri Syam kudu mios.

26. Umar mungkur jeung Usamah geus patepung, anjeunna teras wawarti, yen panglima teu satuju, mun Usamah kudu ganti, margi kenging Rasulullah.

27. Kacaturkeun pasukan siap rek maju, Abu Bakar enggal sumping, angkat nyacat bari imut, rek jajap nu indit jurit, pasukan katingal tanggoh,

28. Ki Usamah tina onta gancang turun, jigana ngaraos isin, ningal Panglima nu cunduk, ukur nyacat gadap-gidig, geus jonghok teras wawartos.

42