29. Nu diteda ka nu bade maju tarung, nu penting ulah rek lali, kana hianat sing jauh, inget ka Nu Maha Suci, nu bener karido Allah.
30. Kaduana mihape keur kaom sepuh, barudak mah komo deui, sato hewan tanam tuwuh, pacuan ulah dibasmi, larangan ti Gusti Allah.
31. Tatangkalan nu mangrupa tanam tuwuh, sato hewan nu parenting, pek gunakeun dina tarung, keur siasat dina jurit, teu meunang rek hantem kromo.
32. Pandita ge pacuan ulah diganggu, kitu ge lamun teu dengki, dipenta awak sing jujur, kaunggulan bawa balik muga aya rido Allah.
33. Umar oge ku Rasul kantos ditunjuk, kudu indit ngiring jurit, Abu Bakar jadi bingung, seueur tugas nu parenting, Umar diwagel tong mios.
34. Usamah teh kabeneran geus satuju, yen Umar teu kedah ngiring, di Madinah tetep kantun, papisah gidig arindit, jung mungkur enggal marios.
P a n g k u r
1. Pangkur ganti maju tandang, ngagantian pucung anu rek ampih, tas nganteurkeun nu rek tarung, pasukan di Madinah, nu can lila ti kota nembean mungkur, Abu Bakar reujeung Umar, ti lapang marulih deui.
2. Saleresna di Madinah, Harita teh keur harengheng geus genting, nuju diancam ku musuh, Abu Bakar geus sadar, mung anjeunna tuhu kanu jadi Rasul, sanajan parantos wapat, tugasna tetep dikeumbing.
3. Panglima perang Usamah, ka nagri Syam ku anjeunna