Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dikirim, nurutkeun parentah Rasul, Kangjeng Nabi Muhammad, anjeunna teh gaduh kayakinan pinuh, Usamah yen bakal meunang, baris unggul dina jurit.

4. Saterasna ceuk sajarah, bangsa Arab golongan nu jarahil, rek ngaraman nyieun kusut, jaman Nabi Muhammad, komo deui kiwari parantos pupus, Abu Bakar sareng Umar, tetela henteu dihiding.

5. Ti Yaman mimiti hudang, nu barontak ngajorag kota Yasrib, golongan Aswad nu muncul, geus rame meunang beja, Kangjeng Nabi kawartoskeun yen geus pupus, majarkeun ieu mangsana, keur ngepung kaom Muslimin.

6. Ki Aswad geus dipaehan, geus katangkep keur aya keneh Nabi, margina parantos burung, ngaku Nabi sagala, tur ngahina nyuratanka Kangjeng Rasul, ngajakan babagi dunya, ku nu mulya teu ditampi.

7. Suratna enggeus dijawab, nu maksudna yen dunya milik Gusti, mun rek menta kudu langsung, ka Muhammad nyalahan, henteu lila bejana Aswad dikepung, ditewak diparaehan, Nabi palsu teh geus leungit.

8. Sajabana ti Ki Aswad, Musailmah geus ngaku deui Nabi, nu asalna Arab gunung, di jajirah Yaman, pangaruhna ceuk beja geus rada cukup, geus wani nangtangan perang, arek ngajorag ka Yasrib.

9. Anu caket ka Madinah, Tulaihah sarua ngaku Nabi, jiga nu geus burung linglung, tur ngajak peperangan, ceuk beja mah geus ngumumkeun ngajak tarung, rek ngajorag ka Madinah, nganggap dirina pasagi,

10. Di jero waktu bahaya, geus ngintunkeun prajurit ka nu

tebih, Madinah meujeuhna suwung, kosong taya pasukan, Abu Bakar pamingpin nu tara gugup, teu pisan jiga nu ringrang, yakni ka Nu Maha Suci.

44