Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

11. Hiji Jendral nu waspada, henteu gimir sumawonna mun risi, sanajan palebah bingung, anjeunna tetep tandang, sabalikna nyumponan parentah Rasul, ka Syam ngintunkeun pasukan, Jendral Usamah nu mingpin.

12. Umat Islam di Madinah, diparentah gasik kudu ngahiji, ngajaga di unggal lembur, dimana muruh datang, geus katangen dikepung terus diringkus halal beunang dipaehan, karaman kudu beresih.

13. Sabada undur pasukan, saban poe narima beja penting, juru telik unggal juru, nu giat mawa kabar loba pisan nagara nu rek ngarurug, Umat Islam sauyunan, ngabendung musuh nu tepi.

14. Umat Islam nu satia, nu teu nurut jeung karaman ngahiji, ku musuh terus dikepung, nu ngalawan teu nyesa, saban poe huru-hara unggal lembur, karunya teuing nu lemah, jadi korban anu jahil.

15. Nagara Taip jeung Mekah, mimitina geus meh jadi hiji, jeung karaman geus sakutu, untungna katulungan, nu ahirna karusuhan hanteu timbul, satia deui ka Islam, jeung Madinah jadi hiji.

16. Usahana Abu Bakar, pikeun mingpin daerah nu tarebih, ukur panerangan wungkul, umat supaya taat, dianjurkeun sabeungkeutan kukuh pengkuh, dugi ka Usamah datang, anu baris bela pati.

17. Madinah dina bahaya, geus diancam, rek dikepung ti peuting, pikeun nyegah ulah tuluy, Abu Bakar marentah, ka pasukan golongan rahayat umum, katelah sukarelawan, keur jurit ngalawan tanding.

18. Unggal tempat geus sayaga, tepis wiring saban sisi dieusi, barudak oge marilu, bagian sabilillah, pedang panjang panah jeung tumbak teu kantun, duhung gada sabangsana, saringkil teu lesot deui.

45