19. Musuhna nu heula datang, nu katembong sidik kaom badawi, lemburna heunteu jarauh, teu anggang ti Madinah, maranehna ngintun utusan di payun, nu abli bisa nyarita, ku Abu Bakar ditampi.
20. Utusan teh menta sarat, asup Islam saratna mung sahiji, teu narima jakat wungkul, menta supaya bebas mopoyankeun rejeki dicokot batur, meunang cape banting tulang, meun kitu mah henteu adil.
21. Nu matak kitu usulna, Islamna ge ceuk beja tacan lami, hirupna pinuh pakewuh, imanna can sampurna, tur karunya ku Nabi dikantun pupus, tangtu leungit teun tungtunan, pantes maranehna mungkir.
22. Kaayaan nu sakedap, anu yakin Islamna tacan ngarti, jauh tina baris cukup, tujuan sabenerna, nu tetela soal jakat sidik bingung, nu mantak jadi barontak, pokona ku tacan ngarti.
23. Ku kituna ulah heran, sanggeus Nabi ngantunkeun jadi rujit, badawi terus malundur, nyembah deui berhala, disangkana agama Islam rek runtuh, margina Nabi Muhammad, anu mingpin geus lastari.
24. Dugaanana teh salah, margi iman yakin ka Maha Suci, toat kanu jadi Rasul, ngiatan Abu Bakar, jadi benteng tameng dada anu teguh, nekadkeun pisabilillah, wani jurit mati sahid.
25. Kalawan hate nu bedang, usulna teh ku Halipah ditampik, ditolak bari jamberut, saurna ulah reuwas, kajeun teuing teu dibayar ngan sarambut, pisnasti rek diperangan, rebut jiwa tegang pati.
26. Utusan teh kocap mulang, hate dongkol ngan ukur ceurik leutik, tapi maranehna untung, anudipi kahayang, kalemahan pihak musuh geus katimu, panjagaan anu lemah, ku manehna kasilidik.