Ieu kaca geus divalidasi
- Nu kalima nelah Jendral Nujaipah, ka Mahra kudu indit, tugasna teu beda, merangan anu ingkar, miceun Islam jahil deui, kudu dijorag, supaya insap deui.
- Nu kagenep Jendral Amir ka Kudaah, ngepung kabilah leutik, kalereun Madinah, geus eukeut ka Siria, Kudaah nu paling dengki, leuwih hianat, ngahina ka Muslimin.
- Nu sejenna sanajan henteu kaetang, opat dipisi deui, geus mareunang tugas, kudu marangkat perang, teu diwincik hiji-hiji, tapi percaya indit ka medan jurit.
- Abu Bakar nu jadi Panglima besar, tur Panglima tertinggi, Kapala Nagara, Presiden mun ayeuna, nu ngatur taktik politik, tata nagara, jeung Usamah teu cicing.
- Sangggeus ngatur anjeunna teras amanat, sangkan kabeh disiplin, golongan nu nyerah, narima deui Islam sumerah raga jeung diri, gancang tarima, samemeh lawan jurit.
- Jendral Halid kaasup luar biasa, ahli jurit kahiji, der nyerang Bujaha, merangan Tulaihah, perang jurit mandi getih, hantem hanteuman, campuh teu pilih tanding.
- Perang rongkah kocapkeun teras-terasan, nepi kawanci magrib, pedang lawan pedang, tumbak ngalawan tumbak, silih gitik ku tampuling, duhung jeung gada, nu bengis manggih tanding.
- Musuh Islam tetela teu walakaya, loba nu mandi getih, loba anu misan, korbanna patulayah, nu hiruppating balecir, golongan Islam, bayangan lir teu eling.
- Nabi palsu celak-celuk arek lumpat, panglimana meh ceurik, nanya ka nabina, mana wahyu pangeran, geus ditanya dua kali, henteu ngajawab, kalah ka arek miwir.
- Panglimana jigana mah panasaran, sarta pok nafos deui, tetep teu ngajawab, ahirna lalumpatan, ngantunkeun rebuan mayit, saparo nyerah, nabina terus jicir.
50