Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sahid, ka luhur der luncat, dibarengan baturna, tina tembok katingali, musuh di handap, ngagulung jadi hiji.

51. Asalna mah Bara teh ngarasa ringrang, tekadna brani mati, jleng luncat ka handap, muwak-mawik ku pedang, pantona teu lami kenging, gancang dibuka, ka jero tingbalecir.

52. Perang campuh di kebon geus bebeakan, musuhna ger careurik, hanteu walakaya, hantem dicacar bolang, rebuan nu mandi getih, kebon sajarah, jadi lautan getih.

53. Musailmah tentarana beak pisan, manehna ge dipencit, tumpakan jelema teu beda reujeung pindang, patumpuk patumpang tindih, tentara Islam, loba nu mati sahid.

54. Pikeun Islam sanajan kaasup meunang, korbanna teu saeutik, anu moal hilap, perang jeung Musailmah, anu ngaku jadi Nabi, alhamdulillah, Islam teu nganti mulih.

Kinanti

1. Ceuk sajarah nu kahatur, peperangan anu sedih, di jero kebon nu bala, nu pinuh ku tunggul kai, susah pikeun singkil tandang, hareurin pinuh ku kai.

2. Islam opat welas rebu, harita geus jadi hiji, di jero kebon tarandang, musuhna mah henteu kumplit, sabagian lalumpatan, nu nesa teu hudang deui.

3. Nu harirup kabeh tunduk, sumerah raga jeung pati Jendral Halid nu narima, prak dibeat hiji-hiji. Musailmah geus palastra, ngajohjor teu usik malik.

4. Ceuk beja mani satangtung, ditumpukeun jadi hiji mayit nu kasoran perang, nu ngamusuh ka Muslimin, ditambah tentara Islam, sanajan ukur saeutik.

5. Komando parentah kumpul, pasukan ringkid marulih

53