Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngagondol dikaunggulan, pingpinan Halid bin Walid, nyaah ku Jendral nu ngora, di medan Jaid lastari.

6. Tentara anu warangsul, emutanana teu leungit, kana kebon kamatian, contoh sajarah nu ahir, Islam ngamuk teu kapalang, musuhna kabeh beresih.

7. Aya opat puluh rebu, musuh Islam nu kapanggih, di kebon dicacar bolang, babuk lalay babuk maling, tetela Islam bayangan, musuhna ledis beresih.

8 Meh sarebu dua ratus, tentara Islam nu sahid, kituna teu panasaran, jelema nu ngaku nabi, Musailmah geus palastra, baladna taya nu kari.

9. Tentara Islam nu gugur, kapendak sahabat Nabi, meh tilu puluh salapan, nu satia bela pati, geus jihad pisabilillah, seueur sepuh nu geus sahid.

10. Kulawargi nu dikantun, ditinggalkeun perang suci, nu araya di Madinah, nguping warti geus narangis, nembongkeun bela sungkawa, ka prajurit nu sarahid.

11. Lain mung ceurik jeung ngungun, dibarengan jeung mumuji, supaya anu kasoran, nu sahid di medan bakti, meunang rahmat ti Pangeran, sawarga nu baris nampi.

12. Jendral perang nu kamashur, Panglima Halid bin Walid, lapor ka Panglima besar, ku Abu Bakar ditampi, geus mulang ti pangperangan, kalawan Islam nu Kenging.

13. Tentara Islam nu gugur, dua welas ratu leuwih, sahabat anu kasoran, nu sarepuh teu sautik, meh tilu puluh salapan, di medan bakti geus sahid.

14. Musuh opat puluh rebu, sadayana geus dibasmi, saurang taya nu nyesa, nabina ge geus dipeuncit, kajaba nu daek nyerah, sadayana geus digiling.

15. Panglima ngadangu kitu, anjeunna meh bae nangis hiji

54