Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Jendral bijaksana, Halid bin Walid dipuji, nu katelah Singa Allah, bentengna pikeun Muslimin.

16. Nalika Umar ngadangu, raina Jaid lastari, anjeunna tembong nalangsa, margi dulurna pribadi, aya dina kaunggulan, di medan bakti geus sahid.

17. Paeh hirup teu pajauh, nyeri peruih teu patebih, paman anjeun nu tiheula, lastari di medan bakti, naha bet lain Abdullah anaking nu kudu sahid.

18. Ceuk putrana jeung sesgruk, hayang pisan mati sahid, tapi widi ti Pangeran, malah sim kuring nu balik pun paman anu palastra, sim kuring rek nyobi deui.

19. Ahirna paungku-ungku, rama jeung putra narangis, ngadaroa ka Pangeran, sangkan Jaid nu lastari, aya dina rido Allah, kenging rahmat Maha Suci.

20. Tah kitu jaman kapungkur, di mana mun perang suci nya eta perang agama, maot teh dipikawani, gugur ratana lir suhada, mun jurit harayang sahid.

21. Musailmah enggeus mampus, nu ngaku geus jadi Nabi, ti dinya mah teras aman, tuna bangsat sepi paling, tengtrem ayem aribadah, Pamarentah henteu pusing.

22. Karaman nu nyieun rusuh, nu murtad baralik deui, ti unggal madhab daratang, ngahiji bareat deui, narepangan Abu Bakar, nu wijaksana tur adil.

23. Ti nu tebih geus carunduk, inditna pairing-iring, beurang peuting saban wayah, tatamu teu eureun sumping balik deui kana Islam sakumaha lir sasri.

24. Sataun dikantun pupus, ditilar ku Kangjeng Nabi, Islam nu asal meh bubar, kiwari geus pulih deui, ku Halipah Abu Bakar, dipingpin jeung wening galih.

55