Ieu kaca geus divalidasi
- Hirah geus serah bongkokan, narima mayar upeti bangsa baron tuan tanah, ka Islam sumerah diri, diwidian caricing, rahayat terus diatur, pikeun ngagarap sawah, teu kudu mayar upeti, sawahna ge diatur nurutkeun Islam.
Pangkur
- Saterasna ceuk sajarah, raja Parsi kageteun maras-miris, ngadangueun Irak ancur, taluk nyerah ka Islam, padahal mah ceuk dugaan ti pangagung, yen bangsa Arab teh hina, naha bet ngelehkeun Babil.
- Raja parsi salah paham, nyangkana teh Arab heunteu ngahiji, model keusik dina talun, nu di jajirah Arab, teu engeuheun diatur ku Kangjeng Rasul, bangsa Arab yen geus kiat, mangrupi bentengan sakti.
- Nya kitu deui jiwana, geus digembleng dibeungkeut jadi hiji, jiwa tohid anu muncul, nu borangan geus robah, kitu deui anu lemah komo kedul, ngawangun hiji nagara, Arab geus jadi Repulbik.
- Paham kahormatan bangsa, ngawujudkeun jiwa nu cinta asih, ngarasa nyaah ka dulur, sasama bangsa Arab, tekad buleud ngahiji hayangeun maju, mikanyaah ka nagara, mikaasih lemah cai.
- Jeu paham ku Muhammad, geus dipelak diulik siang wengi, nu matak ngadadak maju, sanggup manca Magara, warantuneun ngajorag ka lembur batur, pikeun kahormatan bangsa, tur agama anu suci.
- Tinimbang rek ngepung Islam, urang Parsi mending ge ngurus diri, mejeuhna keur rusuh gujrud, sarta jajahanana, nu keur ancur sababna perang sadulur, perang rongkah jeung baraya, ngancam kalungguhan nagri.
61