20. Para Jendral pihak Islam nu garagah, ningal musuh ngadingding, pohara kuatna, gancang sidang darurat, tekad buleud jadi hiji, pisabilillah, nekadkeun mati sahid.
21. Taun genep ratus tilu puluh opat, meneran sasih April, kakuatan Islam, geus karumpul di jalan, di sisi walungan leutik, Yarmuk Hiromak, Ubaidah nu mingpin.
22. Pihak Islam palinter ngarebut medan, manggih tempat nu penting, bisa nutup jalan, nu dipake ku lawan, anu kajepit ku cai, hiji tegalan, kenca katuhu cai.
23. Musuh Islam eungap teu bisa kaluar, dihadang ku Muslimin, kaparegat jalan, maksa pasti diserang, di gunting pihak Muslimin, musuh-kajebak, di jero bubu cicing.
24. Silih hadang antara lawan jeung lawan, Muslimin jeung Rumawi, nyata lila pisan, bejana dua bulan beurang peuting silih intip, nunggu mangsana, waktuna perang jurit.
25. Abu Bakar salaku Panglima Besar, ti tentara Muslimin, geus ngirim bantuan, meh lima rebu urang pingpinan Halid bin Said, sukarelawan, golongan brani mati.
26. Pihak Islam opat puluh rebu urang, musuh mangketi-keti, meh puluhan. laksa, kawentar ahli perang, Muslimin tetep teu gimir, disanghareupan, henteu risi jeung miris.
27. Taun genep ratus tilu puluh opat, Agustus geus mehahir, sanggeus meunang doa, doa kasalametan, ti sang wiku nu parenting, tentara ti Syam, mimiti ngatur jurit.
28. leu perang nu kaasup panggedena, antawis Rum Muslimin, ngabogaan ngaran, perang Yarmuk nelahna, margi kalingkungan cai, tentara Islam, tempatna anu penting.
29. Ti Rumawi Teodore komandanna, rai teges sang Aji, pasukan pandita, milu ka pangperangan, mawa bandera jeung salib, sulaman emas, pandita teu saeutik.