Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

30. Pandita teh tinggorowok bedas pisan, nguatan ka prajurit, agama bahaya, diperangan ku Islam, prajurit kudu ngahiji, buleudkeun tekad, kepung kabeh Muslimin.

31. Pihak Islam geus kadeseh meh kasoran, margina mung saeutik, nyata teu saimbang, gede teuing musuhna, Ikrimah ngarobah taktik, henteu disangka, ngajakkan mati sahid.

32. Bari maju Ikrimah teras sosoak, nembongkeun brani mati, tukang makalangan, geus merangan Muhammad, baheula keur jaman jahil, ngalawan Islam, kiwari jeung Rumawi.

33. Pamentana ku Pangeran tinekanan, hayangeun mati sahid, perang tambah hebat, Islam geus mendak lawan, ti isuk nepi ka magrib, teu eureun perang, mayit pating jumpalik.

34. Ti Rumawi malundur breng lalumpatan, pasukan kuda ngacir, Jendral Halid megat, tina sisi walungan musuhna loba nu palid, dicacar bolang, rebuan tingbugigig.

35. Nagara Syam beulah kidul nyata beunang, direbut ku Muslimin, Jendral Halid gagah, musuhna geus kasoran, prajurit Rumawi ngacir, tentara Islam, narepi ka Rumawi.

36, Di Jaulan ngelebet bandera Islam, beh kiduleun Rumawi, sapanjang Hiromak, sakur jajahan Islam, rayatna taluk ngahiji, bandera Islam, ngelebet bulan sabit.

37. Keur meujeuhna perang rongkah anu hebat, ti Yasrib aya warti, Abu Bakar wapat, Umar nu ngagantian, Jendral Halid kudu ganti ku Ubaidah, nu mingpin dina jurit.

38. Jendral Halid sanggeus narima parentah, hatena henteu robih, tagen teu honcewang, neruskeun peperangan, tapi sanggeus musuh ngacir, timbang tarima, tugasna yen geus ahir.

39, Tentarana dioper ka Ubaidah, Halid teu weleh seuri, Pameunteu marahmay, sanajan bebas tugas, ka Madinah gidig mulih, jadi peteran, teu pisan gindi pikir.

74