Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

V. HALIPAH ABU BAKAR WAPAT.

Kinanti

  1. Kocapkeun sasih Agustus, taun genep ratus leuwih, leuwih tilu puluh opat, Abu Bakar geus lastari, taun Hijrah tiluwelas, keur Islam pangeling-ngeling.
  2. Saterusna nu kahatur, musim haji nu mimiti, anjeunna teu bisa jarah, margina ripuh jeung werit, karaman marajalela, ka Halipah nyieun pusing.
  3. Nembe ge tiasa ngantun, indit ti nagara Yasrib ka Mekah bade ibadah, nu dimaksud ngalap haji, taun Hijrah dua welas, harita teu pati genting.
  4. Anjeunna keur waktu cunduk, ka Mekah ngawitan sumping, dipapag ku kahormatan, upacara tata nagri, sakabeh alat nagara, harita kabeh ge nyaksi.
  5. Umat Islam sami kumpul, nu cageur taya nu kari mapah kapala nagara, ti Madinah nembe sumping, Presiden lamun ayeuna, nelah Abu Bakar Sidik.
  6. Sanggeus upacara tutup, tatamu nembe marulih, anjeunna angkat nepangan, ka sepuhna nu geus nganti, kahiji ibu-ramana, kadua kabeh pamili.
  7. Di masjid kumpul ngariung, nu jumlahna teu saeutik, Abu Bakar teras nanya, ka sadayana hadirin, bok aya nu panasaran, atawa dianggap penting.
  8. Nu kumpul taya nu matur, nu nyarios komo deui, nembongkeun yen kabeh lancar, nagara teu rujit rungsing, anjeunna ngucapkeun bingah, hiji tawis sidik resmi.
  9. Jisim kuring muji sukur, ka Gusti Nu Maha Suci Mekah teh aman santosa, tuna bangsat sepi paling, rahayat tengtrem ibadah, kahayang kaom Muslimin.
75