Ieu kaca geus divalidasi
- Sanggeus ibadahna cukup, ngala haji geus tarapti, Abu Bakar teras mulang, pileuleuyan tawis resmi, angkat deui ka Madinah, di Mekahna henteu lami.
- Sakali dina sataun, manggihan panas nu tarik, harita ku Abu Bakar, dianggap waktu nu penting, pikeun ngatur peperangan, ngalawan nagri Rumawi.
- Waktu panas geus kalangkung, geus ganti ku musim tiris, Abu Bakar kantos siram, meneran hawa keur ganti, enjingna teras nirisan, ngagibrig paranas tiris.
- Saparantos dua minggu, teu damangna wuwuh tambih, sahabat kabeh mupakat, seja milarian tabib, ka dokter lamun ayeuna, sangkan enggal damang deui.
- Pamundutna teu dikabul, ceuk Abu Bakar teu penting, sanajan tabib nulungan, sim kuring mo cageur deui, sabab beda karasana, lir panyakit ti ajali.
- Sanajan bari jeung udur, panyawatna beuki tambih, jiga nu tereh ajalna, anjeunna masih mepeling, wawancara jeung nu lian, teu beda reujeng sasari.
- Sadayana geus satuju, nu baris jadi Pamingpin, nu ngagentos Abu Bakar, jadi amiril Muminin, nya eta sahabat Umar, anjeunna anu kapilih.
- Mangrupa putusan agung, harita terus ditulis perjanjian Abu Bakar pikeun ka kaom Muslimin, Umar diangkat Halipah. nu jadi ganti sim kuring.
- Mun Umar sabar jeung jujur, bijaksana turta adil, memang kitu sakedahna, sabalikna mun rek dengki hianat jeung sabangsana, eta mah urusan Gusti.
- Sim kuring aya pamundut, harepan nu leuwih penting,
76