Ieu kaca geus divalidasi
- Ahirna pindah ka kota, ngeusi kantor tilas Nabi, nguruskeun pamarentahan, merenah di jero masjid, bumi anu dieusi, patilasan Kanjeng Rasul, kamar nu panghareupna, cukup keur sapiriumpi, nya di dinya anjeunna ngatur nagara.
- Yasa anu kagenepna, perelu kedah ditulis, teterusan jakat, di mana lamun katampi, tara talangke deui, harita teras diatur, nepi ka mustahikna, saparo disimpen rapih, pikeun meser kaperluan alat perang.
- Nya kitu barang rampasan, gonimah pikeun Muslimin, di mana mun katarima, harita teras dibagi, repeh rapih tur adil, taya basa nu ka kantun, nu geus heubeul boh anyar, pameget atawa istri, beulian ge sarua meunang bagian.
- Jasana nu katujuhna, dina lebah mingpin nagri henteu numpuk kakayaan, buktina keur di kumisi, ku Umar nu ngaganti, kantong duit ting lalumbuk, kosong taya eusian, kapanggih ukur sapicis, sanesna mah seep keur ngurus nagara.
- Anjeunna teh hapad Kur’an, jalma alim luhur budi, mindeng pisan jadi imam, ngawakilan Kanjeng Nabi, katambah paling wani, nyarita payuneun umum, kecapna tara panjang, tapi ku rakyat kaharti, nu ngaruping kabeh ge kapangaruhan.
- Katurug jeung ramah tamah, sopan santun luhur budi, dimana keur maos Kur’an, kapendak sok sering nangis, tapi nu paling yakin, manahna nu paling teguh, sonagar tur wanian, antawis sahabat Nabi, carang midang estuning wungkul berjoang.
- O -
82