Ieu kaca geus divalidasi
VI. UMAR DILAHIRKEUN
Dangdanggula
- Sajarahna Abu Bakar Sidik, anu jadi kapala Nagara, dikarang parantos salse, terasna nu dipaju, rek digurit sarta didangding, lampah Halipah Umar, sahabat nu Agung, kawentar gagah perkasa, anu jadi bebanteng kaom Muslimin, dipikaserab umat.
- Ceuk hikayat anjeunna keur lahir, taun gajah katilu welasana, kalahiran Mekah keneh, eta ngan taun umum, taun lima ratusan leuwih, dalapan puluh dua, nu jadi panutup, hanjakal tanggal bulanna, dikorehan bulak-balik teu kapanggih, kapaksa teu diserat.
- Anjeunna teh katurunan alim, menak Mekah nelah ibnu Hatab, jeung Nabi pacaket keneh, rundayan nu malashur, katurunan Ka'ab nu sugih, sami jeung Abu Bakar, golongan laluhur, nu nyekel pamarentahan, di Mekah mah geus jadi sabiwir hiji kawentar jalma gagah.
- Keur anjeunna masih keneh alit, ku ramana geus kapercaya, kudu daek ngangon embe, ka tempat nu jarauh, ti Mekahna meh sapuluh mil, ramana keras pisan, mun Umar ngawaluy, atawa loba laleda, teu kaopan disiksa dugi ka nangis, atawa diseuseukan.
- Ku mindengna anjeunna prihatin, geus latihan ti alam keur budak, motekar ti jaman ngangon, Umar beda jeung batur, geus gedena sok rajin mikir, neangan pangalaman, sering campur gaul, geus ngulik kana sajarah, wawancara atawa diajar sair, dugi ka mahir pisan.
- Geus sawawa anjeunna kapilih, geus kapeto keur tukang carita, atawa tukang pidato, di mana ruang riung, jeung di tempat silaturahmi, sinareng upacara, Umar nu diceluk, disina
83