16. Bantuan ti Jendral Rustam, dikintunkeun pasukan ti Madain, jumlahna puluhan rebu, pingpinan dua Jendral, taya sanes maksudna teh bade ngepung, mereangan pasukan Islam, ka Madinah sina balik.
17. Karunya Jendral Mutana, tentarana hanjakal ngan saeutik, bantuan teu acan cunduk, maksa robah siasat, kota Hirah dikantun mundur ka pungkur, meh nepi ka perbatasan, ngantosan bantuan tepi.
18. Kocapkeun bantuan datang, Ki Mutana laporan kanu sumping, siasat perang diatur, tempatna medan perang, kitu deui kaayaan markas musuh, Jendral Ubaidah paham, hasil karya juru telik.
19, Teu kacatur di jalanna, pihak Islam ka medan jurit tepi, musuhna terus dikurung, nyokot serangan pajar, musuh Islam gempar loba nu geus rubuh, sabagian lalumpatan, Nimarak dikantun jicir.
20. Nimarak ngandung sajarah, kota penting keur riwayat Muslimin, peperangan mawa unggul, perlengkepan musuhna, sato hewan gagaman cai tur gandum, sajumlah na geus disita, goni mah candakeun mulih.
21. Jendral Rustam meunang beja, tentarana ti Nimarak geus ngacir, ku Islam terus dikepung, Rustam geus mepek balad, tatan-tatan ka medan perang rek maju, dipingpin ku Jendral Bahman, rek males ka nu geus kenging.
22. Medan perang nyata robah, pindah tempat tarung di sisi cai, jembatan diruksak musuh, caina jero pisan, beulah kulon pihak Islam tandang nunggu, pasukan Parsi ti wetan, silih gupay tingjarebi.
23. Hohoak jeung gegeroan, Jendral Bahman ti beulah