Ieu kaca geus divalidasi
- hiji-hiji, ngaran Muad nu ti payun, prak laporan anu resmi, Ki Muad katenjo ngompod.
- Nu carunduk harita meh dua rebu, ku Umar kabeh diasih, dihormat diugung-ugung, dinasehat nu taliti, prajurit kabeh olohok.
- Maranehna jigana meureun kaduhung, maringgat ti medan bakti dosana niat ditebus, niatna rek perang deui, di mana lamun beus ngaso.
- Hiji waktu Muad di hareupeun umum, maos Al Kur’an nul Karim, nu ngupingeun mah ngarebu; Muad teh katenjo sedih, kaciri rembay cipanon.
- Abu Muad ceurikna tangtu kamaphum, margi eta ayat suci, diaos payuneun umum, pikeun anjeunna pribadi, di handap rek kacarios.
- Ka sing saha nu mabur ngantunkeun musuh, poe ieu nu ngalacir, iwal keur siasat wungkul, anu ngiring jeung Muslimin, dibendu ku Gusti Allah.
- Nu kalabur tempatna jahanam wungkui, nu panas kaliwat saking, nu jahat meakeun batur, leuwih ti naraka Weil, mo kenging ridoning Allah.
- Ki Muad teh ceurikna mani sesegruk, jigana meureun ku nyeri, ngaguligah tur kaduhung, geus ngantunkeun medan jurit, sieuneun kenging bebendon.
- Wijaksana Kapala Nagara nyaur, ka Muad terus mepeling, saurna kudu sing emut, anjeun lumpat ka sim kuring, sing yakin ulah hawatos.
- Abu Muad lelembutanana kumpul, geus katingal seger deui, jeung baturna prak ngariung, pasini trek balik deui, maju perang mo rek kapok.
93