Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ki Mutana aya di wilayah musuh, prajuritna ngan saeutik, ukur kantun tilu rebu, kapaksa ngan jaga diri, nunggu bantuan can tembong.
  2. Beurang peuting teu lesot muja menekung, ka Gusti Nu Maha Suci, palayeun ditambih batur, keur ngepung musuh nu kumplit, menta-menta geura katon.
  3. Ngan geus kitu pitulung Gusti Nu Agung, musuhna malundur deui, ka Madain kocap cunduk, ibu kota nagri Parsi, Madain kota nu sohor.
  4. Di Madain timbul huru-hara rusuh, karaman kocap geus jadi, nu ngamuk ngalawan ratu, kauntungan keur Muslimin, musuhna teu pati nyatron.
  5. Ki Mutana tentarana nu geus rancuh, malencar henteu ngahiji, harita bisa diatur, dicelukan karumpul deui, jumlahna ngarebu jonghok.
  6. Ti Madinah banteuan nembe dikintun, dipingpin panglima Jarir, Ki Mutana pok mihatur, meujeuhna rek singkil deui, malikan musuh bareto.
  7. Abu Jarir ka Mutana nganggap dulur, tekad buleud mati sahid, kajeun ajur moal mundur, sok komo lamun rek ngacir, sanggemna suka ngalonjor.
  8. Kitu deui prajurit anu kalabur, ka Mutana pok pupulih, beat sumpah ancur lebur, narebus dosa pribadi, niat jihad sabilillah.
  9. Ceuk Mutana pasukan ayeuna cukup, keur mngayonan lawan jurit, moal mundut anggur maju, nyanghareupan balad Parsi, mo miris pedah karahot.
  10. Kacaturkeun karaman di Parsi ancur, dibasmi beak beresih, nu beunang terus digantung, nu lumpat nyumput baruni, mileuweungan ka nu jolok.
94