Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

11. Wapatna Jendral Mutana, karugian pikeun kaom Muslimin, leungiteun prawira agung, Jendral nu bijaksana, sarta gagah mangrupa bentengan luhur, nu ngabela prajuritna, siang wengi teu patebih.

12. Jeung Halid mah beda pisan, Ki Mutana Jendral berani mati, ka ratu tetep satuhu, satia ka Halipah, kaKapalaNagara panglima agung, nya eta Halipah Umar, Presiden lamun kiwari.

13. Padahal teu kurang-kurang, mangrupikeun cocobi nu pareurih, pangkatna mindeng dirurud, diganti ku bawahan, pangartina ti anjeunna langkung mundur, nembongkeun tetep satia, Mutana leuwih ti Halid.

14. Kocapkeun utusan datang, ka Madinah ku Halipah ditampi, suratna terus dicabut, enggalna prak dibaca Halipah teh singkil sumeja rek nyusul, pribadi nyandak pasukan, prajurit wijig pinilih.

15. Adpisur Panglima Besar, ti pamingpin Kapala Nagri Yasrib, ka anjeunna pok mihatur, yen Kapala Nagara, ti Madinah teu kudu ka medan tempur, diwagel ngantunkeun tempat, ti dayeuh teu kenging tebih.

16. Sanggeus Kapala Nagara, ka Irakna teu cios mapag jurit, anjeunna teh terus ngutus, Saod bin Abi Wakas, nu yuswana nincak opat puluh taun, asup turunan bangsawan, pamilina Kangjeng Nabi.

17. Upacara palantikan, Saad Wakas Panglima nu kapilih, angkatan Presiden langsung, teu lila geus ngawitan, di Madinah para Ponggawa karumpul, tokoh jeung kaom bangsawan, di masjid baris haladir.

18. Saur Kapala Nagara, nu ngarangkep jeung Panglima tertinggi, Halipah Umar nu mashur, saurna ulah hilap, Gusti Allah ngan ningali iman wungkul, dituturkeun ku amalna, bijil tina wening galih.

98