Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

DANGDANGGULA

⁠Damar alam ninggang mangsa pamit, teteg-teger henteu sumoreang, tigin nohonan papagon, najan ngaraos liwung, ngantun dunya nu keur prihatin, henteu majar kumaha, sageuy kudu mundur, da keur nohonan pangersa, anu prantos dibubuhkeun ku nu wajib, moal sae disinglar.

⁠Langit katon lenglang paul bersih, damar alam nu kadua medal, ti Wetan sinar moncorong, bunder cahyana ngempur, asri tanding emas sinangling, kaping opat welasna, manjing tengah dalu, nguping sowata si Tumang, keur babaung mere ciciren nu galib, bakal datang sasalad.

⁠Urang lembur sok sumelang ati, mun ngadenge Si Tumang disada, kajurung ku gugon tuhon, bakal kasorang ta'un, eta kitu majar teh galib, tuluy pada neangan, panyinglar nu manjur, boh ngarawun boh sareat, do'a-do'a sabisa-bisa diaji, pambrih kasalametan.

⁠Titis-tulis teu beunang dipungkir, bagja-kadar teu kasare'atan, papasten teu mere omber, cenah kuduna kitu, moal bisa sumingkir deui, teu kandeg ku kabeurat, henteu ngitung embung, tumibana tutulisan, kabuktian saparantos tilu sasih, ti tas aya alamat.

⁠Ngahiliwir kabawa ku angin, kabar-beja anu nyaliara, yen di desa Cigereleng, katarajang riripuh, jalma-jalma katerap gering, anu parna kacida, malah tadi isuk, Juragan Lurahna pisan, anu keuna malah geus nepi ka jangji mulang ka kalanggengan.

⁠Cigereleng keur nuju prihatin, eusi desa ngarungun sadaya, reh kapapaten nu angot, dikantun ku sesepuh, ahli tani bati careurik, padagang maridangdam, kailangan guru, nu ahli mere nasehat, anu ngarti urusan dagang jeung tani, sangkan rea untungna.

⁠Nyai Lurah ceurik melas-melis, gogoleran teu eureun midangdam, ma'lum kawantos awewe, nyambat ka nu geus pupus, pokna, "Akang antosan abdi! naha akang bet iklas! mulih gurunggusuh, siga teu emut ka putra, aduh akang abdi teu kaduga teuing, ditilarkeun di dunya................"

33