Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Aya deui anu matak sedih, putra Lurah anu estu nunggal, istri keur sedengna anom, ningali rama pupus, tambah ningal ibuna deui, teu kiat nahan sabar, geubis ngarumpuyuk, salira leuleus lir kapas, kapiuhan dibujeng ku para ahli, dikopyok diceuceuhan.

Barang lilir jerit nangis tarik, sasambatna mutuh matak welas, pokna, ”Mama abdi antos!” Dibujeng ku sesepuh, dibeberah ku saur rintih, ”Eulis Siti Permana, eujeuh ulah ngungun, ulah dianggo kabeurat, tuang rama parantos dugi ka jangji, mulang ka kalanggengan.”

”Poma masing dimanah sing lantip, kedah pasrah Eulis kedah sabar, urang ge jaga mah maot, da sanes bae enung, anu yatim ditilar mulih, apan ieu sadaya, oge sepuh-sepuh, geus teu indung henteu bapa! Eulis onam aya keur paneteg ati, ibu gegentos rama!”

”Geura mangga manahan ku Euis, komo nini leuwih-leuwih susah, batan sakieu geus kolot, lamun diitung-itung, kasedih teh sapuluh rupi, huntu kabeh geus murag, panon timbul lamur, dedengean kirang terang, kulit kenyod tulang sandi geus nyareri, buuk geus salin rupa.

”Ambekan ge kawas anu mengi, pipikiran geus malik ka budak, batan inget rea poho, pakaya henteu gaduh, indung bapa pon pilalagi, dibanding jeung Euis mah, tebih mela-melu, teu juru-juruna acan, parandene kitu teu panjang dipikir, nini mah kantun pasrah.”

Disinggetkeun ku nu mangun gurit, kasedihan nu kapapatenan, mo langkung ti kitu bae, mayit prantos diurus, sakumaha tali paranti, wantuning rea jalma, nu haat tutulung, ti barang hajat salosna, di astana henteu liren anu ngaji, baganti gigiliran.

Kacarios geus langkung sasasih, Cigereleng enggeus milih lurah, meneran ka nu perlente, satimbang jeung nu pupus, beunang milih nu rada leuwih, nu rea kabisana, nu elmuna punjul, jalma sadesa mupakat, wedi-asih ka Lurah nu anyar jadi, ngesto ka parentahna.

Cigereleng euyeub mahmur deui, tambah bulan tambah kahasilan, ganti taun tambah rame, kiduleun tungtung lembur, lalampahan kinten samenit, aya cai bulakan, tempat siram alus. Kajojo ku urang kota, menak-kuring rea nu ngadon pelesir, sariram ka Bulakan.

4