Najan lembur singkur tapi resik, imah-imah diatur ditata, pangeusina sararae, rea istri nu punjul, anu mawi rea nu sumping, para nonoman kota, kairut ku gelung, demi anu pangunculna, mashur geulis nu kocap di luhur tadi, Siti Permana tea.
SINOM
Nu anom Siti Permana, sedengna rumaja putri, dina kageulisanana, di sisi mah hese tanding, di kota kitu deui, asa moal eleh punjul, rea bujang kagendam, menak sumawonna kuring, ngaripuhkeun ka anu nyekel urusan.
Ari rek dilarang keras, perkara nu nyaba peuting, Mas Lurah teu wantuneun prak, tina ningal keneh rupi, wantu anu sarumping, lain si Eta si Itu, bakuna menak kota, panghandapna jurutulis, namung nyamur niru bujang pilemburan.
Tapi sakitu reana, nu darongkap siang-wengi, carek omong sompralna mah, teu aya anu kapilih, nanging anu sarumping, henteu aya pikir pundung, wantu Siti Permana, keur geulis tambah berbudi, henteu lebar ku basa turta someah.
Namung batiniahna mah, keukeuh pengkuh teu gumingsir, ngajaga harkatna raga, kaum ibu anu suci, ulah dugi ka nepi, ngaruksak turunan sepuh, sanajan Nyi Permana, darah kampung getih siring, manahna mah jeung pasemonna lir menak.
Sanes menak mung wastana, tapi menak eusi galih, teu aya gadag padesan, teu kapanggih gidig sisi, boh pake boh pamanggih, jauh tina basa dusun, eta nu mawi rea, nonoman anu kataji, nu palayeun migarwa Siti Permana.
Ibuna nyaaheun pisan, wantuning putra ngan hiji, tur geulis sae galeuhna, teu ogoan teu cirigih, bungahna lir upami, gaduh berlian sacupu, nyaah heman ka putra, cek paripaos mah geuning, kawas anu nanggeuy endog beubeureumna.