Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Bada isa mentas salat, keur meujeuhna jempe jempling, ibuna srek ngadeukeutan, ka putrana nu keur calik, emok di tengah bumi, Permana mayunan ibu, ibuna sasauran, bari semu alum budi, Nyi Permana semu nu reuwaseun pisan.

 Kieu lahiran ibuna, ’’Nana ! anak ema ! Eulis! ayeuna ema rek nanya, ulah bohong ulah isin, balaka ulah mungkir, da nyai geus sampe umur, anu nanyaan aya, ka saha nyai nya milih, nu panuju surup reujeung lelembutan !’’

 ’’Ku hayang nyaho ema mah, nenjo Eulis laki-rabi, wantu urang mah teu terang, kana kadar titis-tulis, ema risi ku bisi, kaburu dipundut umur, lamun beunang nawar mah, samemeh nepi ka jangji, hayang temen nenjo Eulis imah-imah.’’

 ’’Ari pamikir ema mah, teu milih beunghar jeung miskin, asal nu nyaah ka awak, cacah-menak teu perduli, najan meunang nu sugih, atawana menak luhur, ari tamah nyaahna, cara ka kembang malati, taya guna najan bogoh oge ulah !’’

 ’’Bisi kaduhung ahirna, meureun ayeuna mah Eulis, keur sedeng parawan ngora, itu-ieu mikaasih, geura engke mah nyai, lamun pareng panjang umur, geus beak kangoraan, moal aya anu beuki, eta kitu luangna anu kalampah !’’

 ’’Mapan aya paribasa, anak hiji keur gumeulis, anak dua keur gumunda, rea keneh anu naksir, ninggang mangsana diri, anak tilu keur kumusut, meh teu aya hargana, lalaki langka nu beuki, pamustungan anak opat putus modal.’’

 ’’Tina eta ayeuna mah, ema menta jawab pasti, mikarep teh ka nu mana, pok wakcakeun ulah isin, engke anu kapilih, lakulampahna ku ibu, rek temen dititenan, sangkan lulus laki rabi,” Nyi Permana unjukan semu nu era.

 ”Abdi kalintang teu werat, bade pok teh beurat biwir, asa teu kaduga ngucap, kulit beungeut asa leungit, ceuli raos kariwing, ananging da ema mundut, isin oge kumaha, madak rempag sareng galih, coping ati mung ka putra mama Lurah !”

 Ibuna nyedek mariksa, ”Ka putra Lurah kiwari ? ka eta ka kang Prawira ? Tah geuning teu salah milih, sugan teh sejen deui, atuh ka eta mah rempug, saperkara eta mah, tunggal tunggul pancakaki, da ninina saderek nini ti ama !”

6