Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Siti Permana - M. K. Mangundikaria.djvu/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

“Kaduana ama Lurah, ka ibu enggeus kaintip, karepna ti babahelua, rek mulung mantu ka nyai, tapi rupana isin, wireh rea menak, cunduk, anu niat nanyaan, ari katiluna deui, ki Prawira budak bageus tur daekan.”

“Cindekna mun ka dinya mah, ema doa pisan Eulis, keur ngadeukeutkeun baraya, ngaraketkeun pancakaki, tapi ayeuna Eulis, kudu nyiar akal lembut, supaya para menak, nu mileuleuheungkeun nyai, teu barendu reh Eulis bade ka Eta !”

Mas Prawira putra Lurah, Cigereleng nu kiwari, keur kasep rea ka bisa, bageur daekan tur rajin, puguh ge ti leuleutik, ka Permana aya maksud, meh teu aya mangsana, ka biangna teh ngurihit, ngocal-ngocal nanyaan Siti Permana.

Ayeuna mah Mas Prawira, geus kenging wartos nu sidik, yen nanyaanna ditampa, bungahna kawanti-wanti, rasana ieu aing, lalaki anu pinunjul, ngelehkeun menak-menak, somahan pon pilalagi, anu bisa meunangkeun Siti Permana.

Tapi ari Permana mah, tetep ngamahalkeun diri, henteu nembongkeun yen cinta, budi biasa sasari, estu teu netengeri, yen boga maksud panuju, mun tepang jeung Prawira, ngomong tara sindir-sampir, estu wungkul ngan dicokot saperluna.

Pipikiran Mas Prawira, ”Na kumaha kitu geuning, lelewana Nyi Permana, bet siga adat japati, semu lindeuk bet kesit, bangun-bangun anu embung, cik coba ayeuna mah, rek disuratan ku aing, geus teu kuat aing teh nandang kasmaran.”

ASMARANDANA

Prawira geus gilig pikir, hatena henteu rumegag, los ka jero nyokot patlot, niatna rek ngarang surat, pikeun ka Nyi Permana, ngumpulkeun kabeh panemu, nyoba sagala kabisa.

Dua poe dua peuting, Mas Prawira ngarang surat, anggeus oge konsep keneh, dibulak-balik dibaca, bisi kurang utama, geus dibersihkeun ditutup, tidinya dialamatan.

7