Kira-kira bada magrib, gidig Mas Prawira miang, nya ngagogog bari mantog, mawa surat ku sorangan, kaleresan Permana, keur ngaos Ouran tumungkul, clik ningal aya nu murag.
Sidik pisan katingali, nyirorot tina jandela, tina ku bawaning kaget, dengek ngajerit Permana. Ari saur ibuna, “Naha aya naon enung?” Cek Permana, “Cakcak ragrag !”
Ajrih ku ibu katawis, serat teh enggal dicandak, disumputkeun teu katembong, ari ki Mas Prawira mah, geus jicir ka imahna, sadatang-datang bluk nyuuh, risi pacampur rareuwas.
Nyi Permana nu keur ngaji, barang prantos tampi serat, henteu lami lajeng liren, api-api sasarean, serat teras dicandak, dibuka tuluy diambung, diaos kieu ungelna,
“Serat minangka susulih, diri engkang ngadeuheusan, ka linggih salira eneng, mugi ageng pangaksama, wirehing diri engkang, sakalangkung kumawantun, ngahaturkeun ieu serat.
Sanes pisan ku cilimit, sanes engkang ngunghak lanyap, tobat sanes ku teu ngajen, teu pisan-pisan ngahina, mung estu geus teu kiat dipegung kalah ka betus, napsu dicegah bet maksa.
Tara-tara ti sasari, gaduh emutan nu nyasad, nembe ge ayeuna bae, mikahayang nu teu layak, henteu kenging disinglar, ditundung wuwuh murugul, tanggel kenging disingkahan.
Bade pok heurin ku biwir, rek wakca heurin ku letah, rumaos jelema bodo, bilih narajang larangan, ngalanggar adat sopan, kantun bingung hate liwung, kapaksa wakil ka serat.
Panunuhun mugi-mugi, eneng aya luntur manah, iasa masihan landong, ku margi cek raraosan, najan doktor Eropa, anu geus kamashur lepus, mo yasa nyageurkeun engkang.
Da sanes gering kabadi, sanes muriang kasarad, tangtos mo kenging ku landong, ieu mah atuh asalna, gaduh pikiran murka, kajurung ku hawa napsu, mikahayang nu teu layak.
Asih ka nu lain tanding, cinta ka nu lain pantar, hoyong ka nu sanes corong, kumaha rek laksanana, tanggel kana jadina, ngajul bentang ku asiwung, kumaha bade kengingna.