Piit ngeundeuk-ngeundek pasir, jogjog neureuy buah loa, anjing ngagogogan kalong, pacikrak ngalawan merak, sireum gelut jeung kadal, rambetuk ngarahan lasun, eta kitu upamina.
Tah nu mawi ati pusing, mikir ka lebah dinyana, asa-asa bakal poos, tina teu aya saratna, pikeun meunangkeunana, tinimbang lapur mah anggur, raga papisah jeung nyawa.
Ayeuna mah taya deui, mung kantun ngantos putusan, waleran ti linggih eneng, mun eulis sungkan nampi mah, engkang parantos luas, gunung luhur tatar Garut, ikelas raga paturay.
Engkang neda mugi-mugi, eulis sing wakca balaka, anu teras kana hate, boh kersa boh teu kersana, poma sing satuhuna, cindekna ulah salingkuh, sono engkang pun Prawira.”
Ku bawaning bungah ati, sabot eukeur maos serat, teu liren-liren nyerengeh, tina ku bawaning bungah, cintana katerusan, Permana pok ngomong, ”Nuhun ! Mugi maksad tinekanan.”
Tamat maos serat tadi, getret nulis ngawalonan, dugi ka enjing teu sare, sarampungna diamplopan, sareng dialamatan, teu kedah teuing dicatur, kumaha ngintunkeunana.
Prawira nu brangta pikir, sapeuting gulinggasahan, aya sieun aya atoh, jengkel hayang geura nampa, walonan ti Permana, kesel nunggu-nunggu isuk, barang bray beurang kaluar.
Lumenyap barang get ngilik, Mas Prawira kana meja, bet ningal serat ngagoler, pek dibaca alamatna, puguh pikeun manehna, surat dirawu diambung, da wawuh kana tulisna.
Rek ka cai henteu jadi, kabujeng ku atoh heula, hayang enggal- enggal maos, hayangeun terang ungelna, kumana balukarna, surat teh dibuka tuluy, pek dibaca lalaunan :
”Serat pasihan katampi, na engkang mah bet ku tega, abong kena ka nu ambon, ngolo-ngogo teh ku yasa, yasa nugaran iman, ngaliliwung ngabibingung, ngawut-ngawut pangacian.
Leuheung mun teras jeung galih, sakumaha ungel serat, ieu mah da wungkul ngolo, mun tamah bakal laksana, saucap tinekanan, abdi bingah langkung-langkung, mun teu beukas nyalahan mah.