’’Mun nanyakeun badaratna, pok bejakeun aing rek ngadon mandi, sina sadia di ditu! Heug atuh ayeuna mah, geura sare bisi isuk-isuk tunduh !” Anjing beureum saba reuma, ecagkeun nu nembe sumping.
Malikan anu katukang, nu rek nikah geus asak baradami, digetek kaping salikur, Jumadilahir siang, jam 10 mustarina anu alus, nikahna ki Mas Prawira, ka Siti Permana jadi.
Geus teu hamham ayeuna mah, siang wengi taya pambengan deui, Mas Prawira kenging tepung, sareng Siti Permana, hiji waktos kaping tujuh sasih Mulud, Permana keur kekedengan, nguping anu suat-suit.
Siga nu mere isarat, ku Permana diintip tina bilik, nyata pisan yen nu cunduk, picarogeeunana, Nyi Permana lajeng nyampeurkeun ka payun, saurna, ”Haturan engkang, jungjunan panutan abdi !”
Prawira teu bisa jawab, siga anu kasima ku nu geulis, bawaning atohna mutuh, awak karaos ruy-ray, panas-tiris rarasaan henteu pu- guh, muriang teu kawayaan, siga kabadi ti cai.
Ku someahna Permana, bisa pisan ngalap manah lalaki, ngalahir barina imut, ”Naha ngadeg di dinya ? Mangga linggih ulah tutuluyan bendu, da abdi teu gaduh dosa, bet asa rareuwas teuing.”
Mas Prawira pok ngajawab, ” Aeh-aeh naha bet kitu eulis, ka eng- kang teh nyangka bendu, tobat teu pisan-pisan, moal enya ngaben- duan ka nu lucu, teu enggal soteh nepangan, ieu calana tikait.”
Ari tuang ibu aya ? teu katingal-tingal ti tadi enjing !” Walon Nyi Permana, ”Puguh, angkat ka Pabuaran, rek badanten jeung baraya nu di gunung, sina ngabarantun kancra, keur hajat walimah kawin !”
Cek Prawira, ”Hajat saha, naha saha atuh nu bade kawin?” Cek Permana bari imut, ” Apan rendengan engkang, sasih Jumadilahir kaping salikur !” Sanggem Prawira, ”Engkang mah, nembe ge nguping kiwari.”
”Rek dikawinkeun ka saha ? Naha saha awewena nu sudi, saha nu rek mulung mantu ? Nuhun lamun estu mah ! tapi naha ku hoream nunggu-nunggu, bulan Mulud nembe pisan !” Magatru ngagentos dangding.